Pribasa Sunda Dari A-Z



  1. Adam lali tapél : Poho ka baraya jeung poho ka lemah cai.
  2. Adat kakurung ku iga : Adat nu hésé digantina.
  3. Adéan ku kuda beureum : Beunghar ku barang titipan atawa ginding ku pakéan batur.
  4. Adigung adiguna : Gedé hulu, boga rasa leuwih ti batur.
  5. Aya astana sajeungkal : Anu mustahil ogé bisa kajadian.
  6. Aya jalan komo meuntas : Eukeur mah aya maksud, turug turug aya pilantaraneun.
  7. Aya bagja teu daulat : Arék meunang bagja atawa kauntungan tapi teu tulus.
  8. Aya peurah : Aya komara, aya harga, aya pangaji.
  9. Ayakan tara meunang kancra : Nu bodo jeung nu pinter moal sarua darajatna jeung panghasilanana.
  10. Akal koja : Pinter dina kagoréngan atawa kajahatan.
  11. Aku panggung : daréhdéh jeung méré mawéh, ngan hanjakal ku ieu aing asa pangpunjulna, pangbeungharna jste.
  12. Aku aku angga : Ngaku barang batur kalawan ngandung maksud hayang mibanda. Ngaku baraya batur anu beunghar atawa jeneng, mamrih kahormatan atawa kauntungan.
  13. Aki aki tujuh mulud : Lalaki nu geus kolot pisan.
  14. Alak paul : Tempatna nu lain dikieuna, ngeunaan jauhna jeung pisusaheunana.
  15. Alak alak cumampaka : Resep jeung hayang dipuji batur, boga rasa pangpunjulna. Anu handap hayang nyaruaan nu luhur, nu hina hayang nyaruaan nu muya.
  16. Alus panggung : alus laur hade omé, tegep dedeg pangadegna.
  17. Ambek nyedek tanaga midek : Ari napssu pohara gedéna, ngan masih bisa meper diri.
  18. Anak merak kukuncungan : Sipat-sipat nu aya di anak, babakuna nu hadéna, sasarina loba anu diturunkeun ku kolotna.
  19. Anak puputon : Anak nu kacida didama-damana, nu pohara dipikanyaah.
  20. Anjing ngagogogan kalong : Mikahayang nu lain lain, nu pamohalan pilaksanaeun.
  21. Aub payung, sabet panon, sabasoba : Wewengkon, ngeunaan tanah.
  22. Ari umur tunggang gunung, angen angen pecat sawed : Ari umur geus kolot tapi haté ngongoraeun kénéh.
  23. Asa ditonjok congcot : Meunang kabungah nu gedé, anu saenyana teu diarep arep.
  24. Asa nanggeuy endog beubeureumna : Kacida nyaahna.
  25. Asa potong leungeun katuhu : Leungiteun jalma nu pohara hadé gawéna.
  26. Ati mungkir beungeut nyinghareup : Palsu, siga sono, tapi henteu. Siga suka, tapi henteu, siga nyaah tapi hanteu.
  27. Ambekna sakulit bawang : Gampang pisan ambek, jeung mun geus ambek teu reureuh sakeudeung.
  28. Aya jalan komo meuntas : Aya lantaran anu diarep arep ti tadina nepi ka maksud urang gancang
     kalaksanakeun.
  29. Asa dijual payu : Ngungun duméh nyorangan di panyabaan, jauh ti indung bapa.
  30. Anjing ngagogogan kalong : Mikahayang nu moal bakal kasorang.
  31. Anak merak kukuncungan : Turunan anu hadé laku lampahna, luhur budina, galibna sok hade deui laku lampahna, luhur deui budina, cara luluhurna bae.
  32. Asa ditumbu umur : Boga rasa kahutangan budi anu pohara gedéna.
  33. Aya jalan komo meuntas : Aya pilantaraneun atawa pijalaneun pikeun ngalaksanakeun atawa ngabulkeun kahayang.
  34. Asa nyanghulu ka jarian : Ngawula ka anu sahandapeun umur pangarti atawa pangalaman.
  35. Aya di sihung maung : Kulantaran loba kawawuh jeung gegedén dina aya karerepet atawa kaperluan penting gampang naker meunang pitulungna.
  36. Ari diarah supana, kudu dipiara catangna : Naon baé nu méré hasil ka urang kudu diurus bener bener.
  37. Beuteung anjingeun : Ngeunaan ka jelema nu beuteungna cara/siga beuteung anjing.
  38. Belang bayah gindi pikir : Boga pikiran goréng ka papada kawula.
  39. Balég tampélé : Ari rasa tresna ka lalaki geus aya, ngan lamun papanggih jeung jelemana gede kénéh kaéra.
  40. Bali geusan ngajadi : Tempat dilahirkeun.
  41. Balung kulit kotok meuting : Teu eureun eureun nyeri haté ti baheula nepi ka kiwari.
  42. Balungbang timur, caang bulan opat belas, jalan gedé sasapuan : Béak karep ku rido jeung beresih haté.
  43. Banda tatalang raga : Lamun urang papanggih jeung karerepet, gering upaman, euweuh halangan urang ngajual barang nu aya pikeun ngabéla diri, meuli ubar sangkan waras.
  44. Bengkung ngariung bongkok ngaronyok : Babarengan sok sanajan dina hina, rugi, atawa cilaka.
  45. Beurat nyuhun beurat nanggung, beurat narimakeunana : Pohara narimakeunana kana pitulung, ngan teu kawasa ngedalkeun ku lisan atawa tulisan, Anging Gusti nu ningali.
  46. Beureum paneureuy : Seuseut batan neureuy keueus, hésé pisan, seuseut seuat ngahasilkeun maksud.
  47. Beurat birit : Hésé jeung sungkan dititah.
  48. Biwir nyiru rombéngeun : Resep mukakeun rasiah sorangan atawa rasiah batur.
  49. Biwir sambung lémék, suku sambung lengkah : Henteu milu milu kana tanggung ajwabna mah, ieu mah ngan saukur mangnepikeun dumeh jadi utusan, ngemban timbalan tinu lian.
  50. Bobo sapanon carang sapakan : Aya kuciwana, lantaran aya kakuranganana atawa karuksakanana.
  51. Bobor karahayuan : Henteu rahayu, henteu salamet, meunang kacilakaan atawa tiwas.
  52. Buluan belut, jangjangan oray : Pamohalan kajadian.
  53. Bungbulang tunda : Tunda talatah. Lamun dititah tara sok pék ku manéh, tapi sok nitah deui ka batur.
  54. Bur beureum bur hideung, hurung nagtung siang leumpang : Ginding, loba pakéan anu aralus dipaké.
  55. Buburuh nyatu diupah beés : Nyiar pangarti tur diburuhan atawa digajih.
  56. Buruk buruk papan jati : Ka sobat atawa ka baraya mah sok hayang ngahampura baé lamun aya kasalahan téh.
  57. Bonténg ngalawan kadu : Nu leutik ngalawan nu gedé.
  58. Buntut kasiran : Korét, medit, ngeupeul, tara pisan daek barangbéré.
  59. Biwir nyiru rombéngeun : Resep ngucah ngaceh rasiah atawa kaaeban boh nu sorangan boh nu batur.
  60. Budi santri, légég lebé, ari lampah euwah euwah : Ari laku lampah mah kawas santri tapi sok ceceremed.
  61. Bluk nyuuh blak nangkarak : Kabina bina rajina dina enggoning nyiar kipayah.
  62. Bilih aya tutus bengkung : Bisi salah pokpokanana.
  63. Cara bueuk meunang mabuk : Ngeluk baé, teu lemék teu carék, euweuh hojah, euweuh karep, euweuh kahayang sabab éra atawa sieun.
  64. Ciri sabumi cara sadésa : Béda tempatna, béda deui adat jeung kabiasaanana.
  65. Caang bulan dadamaran : Migawé nu kurang mangfaat.
  66. Cara jogjog mondok : Carékcok baé, mani gandéng naker.
  67. Cara gaang katincak : Anu tadina ramé kacida, ayeuna mah jadi jempling pisan.
  68. Cikaracak ninggang batu laun laun jadi legok : Najan bodo asal leukeun diajarna lila lila oge tangtu bisa. 
  69. Ceuli lentaheun : Sok gancang nyaritakeun ka batur naon baé anu kadéngé, turtaning tacan karuhan eta béja teh bener henteuna.
  70. Cileuncang mandé sagara, Cécéndét mandé kiara, hunyur nandéan gunung : Nyaruaan ka jelema anu saluhureun harkatna, darajatna atawa pangabogana.
  71. Cacag nangkaeun : Hanteu beres, hanteu rata.
  72. Cécéndét mandé kiara : Nu leutik nyaruaan anu gedé, nu miskin nyaruaan nu beunghar.
  73. Cara simeut hiris, tai kana beuheung beuheung : Pohara bodona, beunang dibobodo atawa ditipu ku batur.
  74. Cangkir emas eusi délan : Omonganana mah alus nepi ka urang jadi percaya jeung kataji, tapi haténa jahat jeung matak bahaya ka urang.
  75. Cikaracak ninggang batu laun laun jadi legok : Ku dileukeunan mah sakumaha hesena ge lila-lila jadi bisa.
  76. Cicing dina sihung maung : Nganjrek di jelema anu nyusahkeun atawa bakal nyilakakeun ka diri urang.
  77. Clik putih clak herang : Kaluar tina haté anu beresih, rido pisan, teu aya geuneuk maleukmeuk.
  78. Congo congo ku amis, mun rek mais oge puhuna : Kumaha arek bageurna dinu ajdi anak, lamun bapana henteu bageur.
  79. Dipiamis buah gintung : Disangka hadé jeung bageur, tapi buktina goréng jeung jahat.
  80. Daék macok embung dipacok : Daék ngarah kana rejeki atawa pakaya batur, tapi diarah rejekina atawa pakayana ku batur mah embung.
  81. Dagang oncom rancatan emas : Ari modalna gedé kacida, ngan batina anu diarah kacida leutikna.
  82. Dah bawang dah kapas : Tah barangna tah duitna.
  83. Disakompét daunkeun, dihurun suluh : Dihijikeun baé, disaruakeun baé, teu dibéda béda.
  84. Deugdeug tanjeuran : Pada ngadeugdeug, pada nongton, sabab jadi tongtonan kulantaran pinter dina kasenian.
  85. Deukeut deukeut anak taleus :  Ari imahna mah puguh padeukeut, ngan hanjakal teu nyaho tibaréto yén baraya.
  86. Dihin pinasti, anyar pinanggih : ditangtukeunana, ngan kakara ayeuna kalakonanana atawa kapanggihna.
  87. Dogdog pangréwong : Bantuan anu euweuh hartina, dina teu aya oge teu naon naon.
  88. Dogong dogong tulak cau, geus gedé dituar batur : Ngantian jeung mahugi parawan ti keur leutik keneh, sugan diparengkeun ku nu Kawasa jadi pipamajikaneun, na ari geus gedé dikawin batur, atuh hésé capé taya gawé.
  89. Dosa salaput hulu : Kacida loba dosana.
  90. Duum tinggi : Ngabagikeun naon naon henteu kalawan adil aya nu loba, aya bu saeutik.
  91. Dipiamis buah gintung : Disangka hadé jeung bageur tapi buktina goréng jeung jahat.
  92. Dikungkung teu diawur, dicangcang teu diparaban : Ari dipegat mah teu acan, ngan geus teu dipeutingan jeung teu dibalanjaan.
  93. Daluang katinggang mangsi : Susuganan katuliskeun aya jodo (waris).
  94. Dihin punasti anyar pinanggih : Baheula ditangtukeunana, kakara ayeuna kalampahanana. Geus kitu ti ajalina, kakara ayeuna kajadianana.
  95. Deukeut deukeut anak taleus : Ari imah puguh ogé padeukeut ngan hanjakal hanteu nyaho ti baréto, yén éta téh baraya.
  96. Ditangtang diténgténg dijieun bonténg sapasi : Dialak ilik lantaran dianggap anéh.
  97. Ditilik ti gigir lenggik, disawang ti tukang lenjang, diteuteup ti hareup sieup : Lenjang jeung geulis pisan, pantes kewes.
  98. Élmu ajug : Pinter ari mapatahan batur mah, tapi prak ku sorangan henteu.
  99. Élmu sapi : Samiuk (ngahiji) kana kagorengan.
  100. Élmu tumbila : Nu boga imah ngarugikeun ka tatamu.
  101. Élok bangkong : Nuju sakarat, ngan kari tunggu dawuh baé.
  102. Endog sapatarangan, peupeus hiji, peupeus kabéh : Kasusah atawa karerepet anu tumiba ka dulur, baraya atawa sobat, balukarna ngabingungkeun atawa nyusahkeun ka saréréa.
  103. Endog tara megar kabéh : Najan saindung sabapa henteu sarua milikna, rejekina atawa darajatna.
  104. Galéhgéh gado : Daréhdéh tapi henteu terus kana haté: Gancang pincang : Kulantaran digawéna buru buru jeung kurang ati ati hasilna teh teu nyugemakeun.
  105. Gantung déngé : Hanteu terus bisa ngadengekeun hiji perkara jeung pohara hayangna neruskeun ngadéngékeun.
  106. Gantung teureuyeun : Hanteu terus daharna sabab dahareunana geus beak atawa daharna kapaksa kudu eureun heula ku lantaran aya dahareun nu didagoan.
  107. Gedé gunung pananggeuhan : Adigung kulanatran boga kolot atawa baraya baleunghar ataw jareneng.
  108. Gedé gedé kayu randu, dpaiké pamikul bengkung, dipaké lincar sok anggang, dipaké pancir ngajedig : Ngeunaan ka jelema anu jangkung ahrelung tur dedeg ngan hanjakal gawena jeung karajinanana goréng.
  109. Geulis sisi, laur gunung, sonagar huma : Ari rupa mah tegep ngan dangong dusun meledug.
  110. Gindi pikir belang bayah : Goréng hate, dolim, julig, dengki.
  111. Ginding kakampis : Ari paké mah ginding ngan duit teu boga.
  112. Giri lungsi tanpa hina : Nu luhur jeung nu handap sarua bae ulah dihina.
  113. Goong saba karia : Datang sorangan ka anu keur kariaan sanajan hanteu di ondang, maksudna hayang dititah gawe sangkan seubeuh baranghakan.
  114. Gunung tanpa tutugan, sagara tanpa tepi : Euweuh anggeusna, euweuh béakna.
  115. Gurat batu : Pageuh kana jangji.
  116. Getas harupateun, pinggeus harepan : Gampang pisan nyalahkeun atawa ngahukum ka batur.
  117. Ginding kakampis : Ari paké mah ginding, ngan duit teu boga.
  118. Gindi pikir belang bayah : Boga pikiran goréng ka papada kawula.
  119. Gedé gunung pananggeuhan : Boga ahli atawa kawawuhan anu beunghar atawa jadi gegedén, dina urang aya karerepet atawa butuh ku pitulung, eta jalma bisa nulungan ka urang ku kabeungharan atawa kakawasaan.
  120. Gusti Alloh tara nanggeuy dibongkokna : Gusti Alloh tara nangtayungan ka mahlukna anu salah atawa boga dosa ka papada kawula.
  121. Giri lungsi tanpa hina : Nu luhur jeung nu handap sarua baé ulah dihina.
  122. Hampang birit : Gampang jeung daékan dititah.
  123. Hayang untung jadi buntung : Teu papanggih ari jeung kauntungan mah, papanggih sotéh jeung karugian anu sama sakali henteu diarep arep.
  124. Hadé gogog hadé tagog : Hadé basa jeung hadé tingkah lakuna.
  125. Hambur bacot murah congcot : Goréng sungutna jeung sok mindeng nyarékan deuih tapi béréhan sok daék barangbéré dahareun.
  126. Handap lanyap : Handap asor, daek ngahprmat ka batur, tapi boga hate luhur, tungtungna sok ngunghak jeung kurang ajar, temahna batur loba nu teu resepeun.
  127. Hirup nuhun paéh dirampés : Rido pisan pasrah pisan, teu boga kahayang naon naon.
  128. Hapa hapa ge ranggeuyan : Miskin miskin ogé da boga salaki nu ngurus jeung nangtayungan.
  129. Haréwos bojong : Haréwos anu cukup tarikna, nepi kadéngé ku jelema anu deukeut kalawan tétéla pisan.
  130. Harus omong batan goong : Béja teh sasarina sok gampang jeung gancang nerekab, kulantaran umuna sok pabéja béja.
  131. Héjo tihang : Resep jeung remen gunta ganti imah tempat atawa pagawéan.
  132. Hérang hérang kari mata, teuas teuas kari bincurang : Baréto mah beunghar ayeuna kari miskinna.
  133. Hérang caina beunang laukna : Nu dipikahayang bisa laksana tur teu nganyenyeri batur.
  134. Henteu gedag bulu salambar : Henteu sieun atawa gimir saeutik eutik acan.
  135. Heueuh heueuh bueuk : Nyatujuan ari diluar mah, ngan baé henteu terus jeung haténa.
  136. Heurin ku létah : Hayang jeung perlu ngabéjakeun hiji perkara, ngan sieun pok kulantaran loba karisi/karempan.
  137. Haripeut ku teuteureuyeun : Gancang atoh dina meunangna rejeki, boh dahareun boh duit kalawan teu ngingetkeun balukarna ieu téh rejeki halal atawa haram.
  138. Hirup dinuhun paéh dirampés : Pasrah pisan, rido pisan teu boga kahayang naon naon.
  139. Hirup ku panyukup gedé ku paméré : Hirup samahi mahi ku paméré batur bae, sabab teu purun hojah sorangan dina enggoning nyiar kipayah.
  140. Hirup ulah manggih tungtung, paeh ulah manggih béja : Kudu bageur kudu hadé laku lampah supaya alus kacaritakeunana.
  141. Hulu dugul dihihidan : Nu keur senang tambah senang, nu keur untung tambah untung.
  142. Hunyur nandéan gunung : Nyaruaan ka jelema saluhureun harkatna atawa pangabogana.
  143. Halodo sataun lantis ku hujan sapoé : Kahadéan anu sakitu gedéna tur lilana leungit pisan ku kagoréngan atawa kasalahan sapoé.
  144. Hérang caina beunang laukna : Maksud bisa kahontal kalawan bérés teu aya pihak anu dirugikeun atawa dinyenyeri.
  145. Heurin ku létah : Teu kaduga ngabongkar hiji perkara kulantaran loba karisi karempan paur jeung inggis ku balukarna.
  146. Hapa hapa gé ranggeuyan : Enya ari miskin téa mah, ngan lumayan da ari salaki mah boga.
  147. Hurung nagtung siang leumpang : Eukeur mang beunghar loba pakéan anu aralus turug turug resep ngaginding.
  148. Inggis manan maut hinis, rempan batan mesat gobang : Inggis jeung paur kabina bina
  149. Ilang along margahina, katinggang pangpung dilebok maung, rambutna salambar, getihna satétés, ambekanana sadami, agamana darigamana, kaula nyérénkeun:  Masrahkeun sagalagalana hadéna goréngna, bagja cilakana (biasana sok dipake dina seserahan).
  150. Indung lembu bapa banténg : Ti indung jeung bapa turunan menak jeung beunghar.
  151. Ipis kulit beungeut : Gedé kaéra.
  152. Iwak nangtang sujén : Wani nyorang picilakaeun, pibalaieun atawa pibahayaeun.
  153. Ieu aing uyah kidul : Boga rasa pangleuwihna ti pada batur, boh ngeunaan rupa, pangarti, pangaboga, pangkat atawa kakawasaan.
  154. Jauh ka bedug : Dusun,bodo, euweuh kanyaho.
  155. Jabung tumalapung sabda tumapalang : Milu nyaritakeun hiji perkara sakapeung nempasan omongan batur, nyeta nyeta siga nu nyaho, padahal teu nyaho nanaon.
  156. Jadi maung malang : Jadi panghalang, ngeunaan ka lalaki nu ngahalangan pijodoeun hiji awéwé.
  157. Jadi senen kalemekan : Mindeng dicaritakeun batur.
  158. Jadi sabiwir hiji : Jadi carita jalma loba.
  159. Jaman cacing dua saduit : Jaman baheula pisan.
  160. Jauh ka bedug anggang ka dayeuh : Dusun, teu nyaho di tata-titi, tidak tanduk, suba sita, duduga jeung peryoga.
  161. Jati kasilih ku junti : Pribumi kaeehkeun ku urang asing.
  162. Jawadah tutung biritna,sacarana sacarana : Unggal bangsa beda adat jeung kabiasaanana.
  163. Jejer pasar : Lumrah bae, mun ka lalaki, kasep henteu, goreng henteu.
  164. Jegjeg ceker : Cape kulantaran leumpang ka dieu ka dieu.
  165. Jeung leweh mah mending waleh : Leuwih hade wakca balaka ngedalkeun kahayang ti batan ngandung kabingung teu wani pok nyarita.
  166. Jogjog neureuy buah loa : Mikarep ka anu lain babad.
  167. Jauh jauh panjang gagang : Hanas jauh jauh oge dijugjug, ngan hanjakal ku teu hasil.
  168. Jati kasilih ku junti : Pribumi kaelehkeun ku semah (urang asing), upamana dina nyiar kipayah.
  169. Jogjog neureuy buah loa : Milampah anu moal pihasileun.
  170. Kurung batok : Teu resep nyanyabaan, ni’mat cicing diimah bae.
  171. Kuer nuju bentang surem : Keur sue,atawa tiis badan, lamun guna tani ku hama, lamun dagang terusterusan rugi bae.
  172. Kandel kulit beungeut : Euweuh kaera.
  173. Kawas lauk asup kana bubu : Gampang meunangna jeung asup kana hiji pagawean, tapi hese kaluarna jeung ngécagkeunana eta pagawean (masalah).
  174. Kawas hayam keur endogan : Ciling cingcat bae, teu bisa cicing.
  175. Kahieuman bangkong : Ku ayana barang titipan di urang, urang teh nepi ka jiga beunghar katenjona ku batur mah padahal miskin teu boga nanaon.
  176. Kajeun panas tonggong asal tiis beuteung : Kajeun teuing cape gawe asal bisa dahar kalawan cukup.
  177. Kalapa bijil ti cungap : Ngucah ngaceh rasiah sorangan anu matak cilaka.
  178. Kai teu kalis ku angin : Unggal jelema awal ahir tangtu bakal pinanggih jeung kasusahan.
  179. Kawas kacang ninggang kajang : Ngomongna tarik tur gancang, biasana ngeunaan ka awewe nu keur ngambek bari nyarekan.
  180. Kejo asak angeun datang : jeung maksud urang, atuh teu talangke deui harita keneh dilaksanakeun.
  181. Keur meujeuhna bilatung dulang : Laleutik keneh pisan keur meujeuhna bareuki dahar.
  182. Keur meujeuhna hejo lembok rambay carita : Keur meujeuhna loba pakaya jeung loba rejeki.
  183. Kiruh ti girang kiruh ka hilir : Lamun anu di luhruna teu balageur jeung teu balener, tangtu nu dihandapna oge milu teu bener milu teu bageur.
  184. Kiceupna sabedug sakali : Pohara lungguhna.
  185. Kokoro manggih mulud puasa manggih lebaran : Anu samumur umur miskin tuluy dina hiji waktu pinanggih jeung kamulyaan atawa rejeki anu gede, sasarina sok kacemekanana nepi ka siga mangpang meungpeung.
  186. Kokoro nyoso, malarat rosa, lebaran teu meuncit hayam : Kacida miskinna.
  187. Kotok bongkok kumorolong, kacingcalang kumarantang, lauk buruk milu mijah, piritan milu endogan : Pipilueun kana hiji kalakuan kulantaran kabawakeun ku batur, henteu kalawan kahayang sorangan, nepi ka goreng katenjona.
  188. Kawas kuda leupas ti gedogan : Bingung ku kamerdekaan, terus sakama kama nganteur kahayang, ngalajur nafsu, kulantaran euweuh anu ngageuing atawa euweuh nu nyengker.
  189. Kujang dua pangadekna : pagawean anu ngandung dua rupa maksud.
  190. Kudu bisa ngeureut neundeun : Kudu bisa nyukupkeun rejeki atawa pangala anu saeutik.
  191. Kudu boga pikir kadua leutik : Ulah sabongbrong teuing, kudu aya pikir rangkepan, kudu aya rasa curiga.
  192. Kulak canggeum : Milik hade atawa goreng anu geus ditangtukeun ti ajalina keneh ku Gusti Nu Maha Suci.
  193. Kaciwit kulit kabawa daging : Kababawa, katarik kana hiji perkara, keukeuh milu susah, sanajan teu boga salah jeung henteu milu ulubiung perkarana.
  194. Kumaha bule hideungna bae : Kumaha engke bae buktina.
  195. Kunang kunang nerus bumi : Ramana geus teu jeneng deui, di putrana awal ahir aya nu jeneng cara ramana.
  196. Kuru cileuh kentel peujit : Daek tirakat, ngadoakeun budak sangkan sangkan junun.
  197. Kawas lauk asup kana bubu : Gampang asupna kana pagawean tapi pohara hesena hayang kaluar ninggalkeun eta pagawean.
  198. Kawas anjing kadempet lincar : Mere parentah ka batur teu kalawan sabar, malah bari ambek ambekan sagala.
  199. Kawas budak rodek hulu : Teu ngupama, teu ngajenan, teungahargaan pisan.
  200. Kawas hayam panyambungan : Tacan nyaho di kaler kidul, kawantu anyar keneh aya di eta tempat.
  201. Kawas nu mulangkeun panyiraman : Sok nu lain lain, jeung hese ngayakeunana nu dipikayang ku jelema nu tereh ajal, kahayangna sabisabisa kudu dicumponan bae, sanajan matak ngarepotkeun ka ahlina/kulawargana.
  202. Kawas siraru jadi : Pabaliut ku tina lobana, ngeunaan ka jelema.
  203. Ka luhur teu sirungan kahandap teu akaran : Jelema nu jahat, julig jeung dengki mah moal jamuga, moal aya kamajuan boh ngeunaan pangkat, boh rejeki.
  204. Kawas nanggeuy endog beubeureumna : Nyaah teu aya wates wangena, balukarna paur bae nu aya teh, bisi jelema anu dipikanyaah tea pinanggih jeung kasusahan.
  205. Katempuhan buntut maung : Batur anu salahna atawa anu boga dosana, tapi urang anu kudu nyanghareupan balukarna.
  206. Kumaha kejebur caina geletuk batuna : Kumaha jadina bae, henteu jadi pikiran.
  207. Katumbukan catur kadatangan carita : Loba anu embung sabab ngagedekeun jeung ngagugulukeun panyerewedan.
  208. Kaceluk ka awun awun kawentar ka janapria, kakoncara ka mancanagara : Kawentas pisan, kawentar kamana mana
  209. Kawas cucurut kaibunan : Ngeunaan ka jelema anu matak sareukseuk panon.
  210. Kajeun pait tungtung amis manan amis tungtung pait : Tibatan ahirna matak susah, leuwih hade dicaritakeun ti heula naon anu matak pisusaheunana.
  211. Kawas wayang pangsisina : Ngeunaan ka jelema, goreng rupana. 
  1. Lain ku tulang munding kabeureuyan mah, ku cucuk peda : arék cilaka mah ku kasalahan anu leutik ogé bisa, teu kudu ku kasalahan anu gedé baé.
  2. Lauk buruk milu mijah piritan milu endogan : pipilueun kana hiji kalakuan ku lantaran kabawakeun ku batur, henteu kalawan kahayang sorangan, nepi ka goréng katénjona.
  3. Leutik burih : euweuh kawani.
  4. Loba teuing jaksa : loba teuing anu pinter nu ngatur jeung mapatahan, balukarna matak bingung nu dipapatahan.
  5. Legok tapak genténg kadék : loba luangna pangalamanana jeung kanyahona.
  6. Landung kandungan laér aisan : gedé timbanganana, gedé pangampurana.
  7. Lain lantung tambuh laku, lain lentang tanpa beja lain leumpang maladra : Indit ti imah kalawan ngandung maksud anu tangtu, lain lampah sakaparan paran henteu puguh anu dijugjug.
  8. Leubeut buah héjo daun : Keur meujeuhna loba rejeki, loba pakaya.
  9. Leuleus jeujeur liat tali : Memeh mutus hiji perkara salah atawa bener ditimbang timbang heula alus gorengna supaya karasa adil.
  10. Leunggeuh cau beuleum : Teu lutreuk dina ngajalankeun hiji pagawean.
  11. Leutik leutik ngagalatik : Sanajan leutik awakna henteu jangkung tur gedé, tapi leber ku wawanén.
  12. Leutik ringkang gedé bugang : Jelema mah teu beunang disapirakeun sabab sanajan leutik warugana, dina aya papaitna atawa bobor karahayuan mah bisa jadi kasusah saréréa.
  13. Leutik cahak, gedé cohok : Ari panghasilan saeutik tapi ari pangaluaran mah gedé.
  14. Leuwi jero beunang diteuleuman, hate jelema najan déét teu kakobét : Hadé goréngna pikiran jelema hésé dikira kirana.
  15. Lieuk euweuh ragap taya : Teuing ku miskin nepi ka teu boga naon naon.
  16. Lodong kosong ngelentrung : Kalah ka loba omong baé, ari pangartina mah euweuh.
  17. Luhur kuta gedé dunya : Gagah tur beunghar taya kakurang.
  18. Lungguh tutut : Katénjona siga lungguh tapi saenyana mah henteu.
  19. Luncat mulang : Teu beunang dicekelan omonganana, ayeuna kieu engké mah kitu.
  20. Hadé ku omong goreng ku omong : Omongan nu hadé balukarna hadé jeung omongan nu goréng, goréng deui balukarna.
  21. Langsung saur bahé carék : Sok gampang ngagelendeng atawa nyarékan.
  22. Ngagulkeun luluhur sorangan : Mun teu usaha moal pinanggih jeung rejeki pibekeleun hirup.
  23. Mindingan beungeut ku saweuy : Ari haté goréng, ngan budi parangi marahmay, perluna pikeun mindingan haté nu goréng téa maksudna supaya ulah kaciri téa.
  24. Mobok manggih gorowong : Meunang jalan pikeun ngalaksanakeun kahayang.
  25. Mun teu ngakal moal ngakeul : Mun teu usaha moal pinanggih jeung rejeki pibekeleun hirup.
  26. Moal néangan jurig teu kadeuleu : Arék nyekel jelema nu aya baé, moal néangan jelema nu euweuh.
  27. Miyuni hayam kabiri : Leutik burih babari sumerah éléh atawa lalaki nu babari sumerah ka awéwé.
  28. Méré langgir kalieun : Méré naon naon anu bisa jadi aya pisusaheunana atawa pibahlaeunana.
  29. Muncang labuh ka puhu, kebo mulih pakandangan : Mulang ka lemburna sabada mang taun taun aya di pangumbaraan/ panyabaan.
  30. Manan léwéh mending waléh : Leuwih hadé wakca balakabatan diahir meunang kasusah.
  31. Mangpéngkeun kuya ka leuwi : mulang ka lemburna, atawa nitah pindah ka tempat bali geusan ngajadi.
  32. Maliding sanak : Henteu adil, pilih kasih.
  33. Mopo méméh munggang : horéam, teu sanggup saméméh prak.
  34. Mun teu ngoprék moal nyapék, mun teu ngakal moal ngakeul, mun teu ngarah moal ngarih : Lamun teu digawé nyiar kipayah tangtu pisusaheun pikeun hirup.
  35. Moal ceurik ménta eusi : Keun baé mawa wadah anu gedé ogé da lain hayang loba dibéréna.
  36. Monyét kapalingan jagong : Tukang maling kapalingan, tukang tipu katipu, tukang ngarah nagrinah karoroncodan.
  37. Maut nyéré ka congona : Keur ngora senang, tapi ari ka kolotnakeun susah.
  38. Marebutkeun paisan kosong : Marebutkeun hiji perkara anu teu aya hasilna atawa mangpaatna.
  39. Maléngpéng pakél ku munding, ngajul bulan ku asiwung : Ngajalankeun (mikarep) hiji perkara anu taya pihasileunana.
  40. Mapay ka puhu leungeun : Mamawa ka kolot atawa ka guru, turtaning kolot atawa guru mah teu nyaho naon naon jeung euweuh patalina saeutik eutik acan.
  41. Meungpeun peureum ku ayakan : Nyaho yén batur teh salah atawa migawé anu dilarang ku nagara, tapi teu kitu kieu kalahka api api teu nyaho.
  42. Meungpeung teugeu harianeun : Embung pisan tutulung ka batur nu keur susah atawa loba kabutuh.
  43. Neukteuk curuk dina pingping : ngadakwakeun nu lian, tapi nu ngadakwakeunana milu susah, sabab milu katarik kana perkara, milu adu hareupan jeung hakim.
  44. Mipit teu amit ngala teu ménta : Maling boga batur.
  45. Maling boga batur : Miceun nu goréng kulantaran hayang meunang anu alus, tapi tungtungna meunang nu goréng deui baé.
  46. Mupugkeun tai kanjut : Ngetrukeun pangaboga dina waktuna nyunatan atawa ngawinkeun anak anu kacida dipikameumeutna.
  47. Ngajul bulan ku asiwung, mesék kalapa ku jara : Usaha anu mubadir, moal ngadatangkeun hasil.
  48. Ngadu angklung di pasar : Papaduan nguruskeun nu euweuh mangpa’atna di hareupeun jalma loba.
  49. Ngadu ngadu rajawisuna : Mawakeun omongan si A ka si B jeung sabalikna, temahna si A jeung si B pasea, parerea omong.
  50. Ngagulkeun payung butut : Ngagulkeun luluhur sorangan.
  51. Nulungan anjing kadempét : Nulungan jelema nu teu boga pisan rasa tumarima.
  52. Ngadaweung ngabangbang areuy : Pohara nineungna kana jaman nu geus kasorang nepi ka matak waas pacampur jeung sedih.
  53. Nu asih dipulang sengit, nu haat dipulang moha : Nu hadé jeung loba jasana ka diri urang, dinyenyeri ku urang, ku omongan atawa ku kalakuan anu goréng.
  54. Ngaliarkeun taleus ateul : Ngabéja béjakeun kagoréngan atawa kajahatan batur.
  55. Ngawur kasintu, nyieuhkeun hayam : Ngaraéh jeung daréhdéh ka deungeun, sabab hayang kapuji, tapi teu nolih jeung nyapirakeun ka dulur atawa ka baraya sorangan.
  56. Nginjing sila, béngkok sembah : Goréng haté, teu satia ka anu jadi pamingpinatawa dunungan.
  57. Ngusap birit, bari indit : Kulantaran ambek nyedek atawa éra parada, leos baé indit, teu amit heula ka anu araya didinya.
  58. Naheun bubu pahareup hareup : Dina pangabutuh silih injeuman duit.
  59. Ngabudi ucing : Teu wani némbongkeun atawa ngedalkeun kahayang atawa kadeudeuh.
  60. Ngodok liang buntu : Hésé capé taya gawé, susah payah taya guna, sanajan tihothat ogé moal atawa henteu beubeunangan.
  61. Nyolok mata buncelik : Nganyenyeri, ngahina atawa ngawiwirang di hareupeunana.
  62. Nu burung diangklungan, nu édan dikendangan : Ngahaminan omongan atawa carita batur, sanajan ceuk haté sorangan éta omongan atawa carita téh salah.
  63. Nu borok dirorojok, nu titeuleum disimbeuhan : Nu keur susah ditambah kasusahanana, nu keur nyeri ditambah kanyerina.
  64. Nyieun catur taya dapur : Nganggit hiji dongéng nu teu aya galurna.
  65. Ngadeupaan lincar : Ngadeukeutan anu keur sidekah atawa kariaan, supaya katénjo ku anu boga imah jeung diajak dahar.
  66. Nyieun pucuk ti girang : Pangheulana néangan piaseaeun.
  67. Nangkeup mawa eunyeuh : Mawa cilaka ka jelema anu dipéntaan tulung jeung geus nulungan ka urang.
  68. Ngagandong kéjo susah nyatu : Loba ari titaheun mah boh anak boh bujang ngan hanjakal ku hésé nitah, euweuh nu daekeun ari dititah téh.
  69. Nyium bari ngégél : Omongannana hadé ngan haté jeung maksudna goréng. Salakina dipisobat ari pamajikanana dibogohan atawa sabalikna.
  70. Ngagedag bari mulungan : Nanyakeun hiji perkara ka batur anu urang tacan nyaho, tapi embung kanyahoan yén urang tacan nyaho, kulantaran kitu api api geus nyaho baé.
  71. Nya ngagogog nya mantog : Nya nitah ka batur nya prak kumanéhna.
  72. Nyieun heuleur jeroeun huma : Henteu raket jeung dulur paharé haré baé.
  73. Nyanghulu kajarian : Ngawula ka jelema anu sahandapeun harkatna atawa pangartina.
  74. Nya di hurang nya dikeuyeup : Di unggal jelema ogé taya bedana, sarua bae, mungguhing wiwirang atawa katugenah haté mah boh di menak boh disomah sarua baé.
  75. Ngadék sacekna, nilas saplasna : Ngomong/nyarita anu teu dileuwihan atawa dikurangan.
  76. Ngarep ngarep kalangkang heulang : Ngarep ngarep hiji perkara anu kacida banggana jeung sudah pihasileunana.
  77. Ngéplék jawér, ngandar jangjang, miyuni hayam kabiri : Leutik burih, borangan, sieunan, kecing.
  78. Ngarep ngarep bentang ragrag : Ngarep ngraep nu pamohalan bakal kasorang atawa kajadian.
  79. Ninggang kekecrak : Keur mah goréng rupana, goréng laku lampahna deuih.
  80. Ngeupeul ngahuapan manéh : Lungas lengis mikawelas mikaasih ka diri sorangan, supaya batur welaseun jeung nulungan ka urang.
  81. Ngodok liang jero : Teu hasil enggoning nyiar rejeki, kaditu kadieu luput baé.
  82. Ngadagoan kuah beukah : Ngadagoan pasésaan kadaharan ( Hal ieu ngan wungkul tukang babantu di imah batur baé, anu saenyana mah ayana tukang babantu téh henteu perlu).
  83. Ngukur ka kujur nimbang ka awak : Ngaluarkeun duit pikeun kaperluan hirup, pakan, pake jste disaluyukeun jeung pangala.
  84. Ngukut kuda kuru ari geus gedé sok nyepak : Ngukut bujang anu tadina pohara balangsakna, susak dahar susah maké, tapi ari geus mulya awak lintuh jeung paké hadé, ngalawan ka anu jadi dunungan.
  85. Nété porot ngeumbing lésot : Cukup ari ihtiar mah kalawan mangrupa rupa akal tarekah tapi teu hasil baé.
  86. Nimu luang tinu burang : Nambahan luang atawa pangarti waktu keur pinanggih jeung kacilakaan atawa hukuman.
  87. Nini nini dikeningan, awéwé randa dihiasan : Ngamahalkeun barang naon baé anu geus ruksak.
  88. Nyeri beuheung sosonggéteun : Pohara ngarep ngarepna, tapi anu diarep arep teu jol baé datang.
  89. Nyiruan mah teu resepeun nyeuseup nu pait : Lumrahna manusa teu resep reureujeungan jeung nu teu boga.
  90. Ngadagoan uncal mabal : Ngadagoan jeung mikahayang kana rejeki tapi sungklan ihtiar pikeun ngadatangkeun éta rejeki.
  91. Nincak parahu dua : Ngadunungan ka duaan atawa boga dua pausahaan.
  92. Nya picung nya hulu maung : Nu nanya jeung nu ngajawab teu sapagodos, pananya jeung jawaban pasalia, henteu nyambung.
  93. Nyalindung ka gelung : Milu hirup ka pamajikan anu loba pakayana, nu dipalar milu hirup senang, teu karana hésé jeung capé.
  94. Nyaeuran gunung ku taneuh, sagara ku uyah : Nambahan kauntungan atawa kakayaan ka anu geus beunghar.
  95. Nyaliksik ka buuk leutik : Nyusahkeun, peperedih atawa pepentaan ka jelema anu sahandapeun darajatna jeung pangabogana.
  96. Nyair hurang meunang kancra : Sugan téh rek meunang kauntungan, kamuliaan atawa bagja anu leutik manahoréng meunang kauntungan atawa bagja anu gedé.
  97. Nyanggakeun suku genténg belokeun, beuheung teukteukeun, disiksik dikunyit kunyit, dicacag diwalang-walang : Sumerah, masrahkeun diri rék dibeureum rek dihideung kari kumaha didinya baé, dina rumasa geus salah atawa rumasa boga dosa.
  98. Neté semplék nincak semplak : Ninggang dina salah jeung rugi baé, turug turug kasusah nambahan deuih.
  99. Nyeungeut damar di suhunan : Kulantaran pupujieun ari ka deungeun mah daréhdéh jeung méré mawéh, tapi ari kabaraya atawa ka dulur sorangan mah sabalikna haseum budi jeung korét deuih.
  100. Nyeungseurikeun upih ragrag : Akey akeyan nyeungseurikeun batur, duméh buuk geus bodas huntu geus ompong, tonggong geus bengkung turtaning ieu teh kahareup mah ku urang sarerea bakal kasorang.
  101. Nyiar batuk piaraheun : Nyiar pigujrudeun, pipaséaeun.
  102. Nyiuk cai ku ayakan : Pagawéan nu mubadir, moal ngahasilkeun naon naon.
  103. Nyuhun nanggung ngélék ngégél : Rebo pisan, babawaanana loba naker.
  104. Nangtung kariung ngadeg karageman : Ngariung rarageman ngabadamikeun hiji perkara.
  105. Nu tani kari daki, nu dagang kari hutang : Nu tani jeung nu dagang sarua ripuhna, euweuh nu mulya.
  106. Nyuhunkeun bobot pangayon timbang taraju : Ménta pangampura jeung ménta timbangan da geus puguh rumasa ari salah jeung dosa mah.
  107. Nepakeun jurig pateuh : Puguh urang nu goréng tapi kagoréngan urang teh ditamplokeun ka batur sangkan urang sorangan salamet.
  108. Nété tarajé, nincak hambalan : Kudu merenah, lamun aya uruskeuneun teh urang kudu datang ka nu handap heula, kakara terus kaluhur.
  109. Nepak cai malar cérét : Ngomongkeun jeung ngagogoreng batur, supaya batur teh ragrag ngarana jeung kawéntar kagorénganana.
  110. Neukteuk mari anggeus, rokrok pondokeun peunggas harupateun : Heuras haténa teu sabar dina nyanghareupan rupa rupa kasusahan jeung babari luluasan.
  111. Neundeun piheuleut nunda picela : Neangan pilantaraneun supaya jadi goreng supaya temahna papisahan teu ngahiji deui.
  112. Nyicikeun cai, murulukeun lebu : Turun cadu (cacaduan), pantang ngalampahkeun hiji perkara anu dilarang ku luluhur.
  113. Nyokot lésot ngeumbing porot : Teu aya usaha anu ngahasilkeun.
  114. Nyolok mata buncelik : Nganyenyeri ka batur ku omongan atawa ku laku lampah goreng di hareupeunana.
  115. Nuju hirup ninggang wirahma : Ngeunaan ka jelema anu keur alus milik.
  116. Noong ka kolong : Leutik hate, leutik pangharepan.
  117. Nyukcruk walungan mapay mapay wahangan : Kalawan taliti pisan nalungtik luluhur, imeut pisan pancakakina.
  118. Omong harus batan goong : Beja teh gancang naker nerekabna, malah sasarina mah beja anu nerekab teh leuwih hebat batan aslina.
  119. Owah gingsir : Hanteu tetep, henteu ajeg, gunta ganti pamadegan.
  120. Paanteur anteur julang : Silih anteur nepi ka aya dua tilu kalina.
  121. Pait daging pahang tulang : Cageur teu keuna ku panyakit naon bae.
  122. Paluhur luhur diuk : Pagede gede kauntungan dina nyiar kipayah.
  123. Piit ngeundeuk ngeundeuk pasir : Mikarep kaanu lain babadna, tangtu moal kasorang.
  124. Pagirang girang tampian : Paunggul unggul nyiar rejeki, teu daek silih seblokan.
  125. Pakotrék iteuk : Laki rabi ti ngongora napi kakolot pisan, pada pada geus jadi aki-aki nini-nini.
  126. Pipilih meunang nu leuwih koceplak meunang nu pecak : Milih kalawan ati ati pisan ku lantaran hayang meunang nu leuwih hade, ngan ahirna meunang nu leuwih goreng.
  127. Pur kuntul kari tunggul, lar gagak kari tunggak, tunggak kacuwatan daging : Dian cidrana anu diboreha, boreh anu katempuhan, kudu mayaran hutang anu dipangnanggungkeun.
  128. Paheuyeuk heuyeuk leungeun : Silih bantuan, silih belaan, silih tulungan.
  129. Papadon los ka kolong : Cidra jangji, teu nedunan jangjina.
  130. Panday tara bogaeun bedog : Sasarina ari tukang mah sok tara bogaeun.
  131. Pacikrak ngalawan merak : Tangtu elehna sabab nu leutik ngalawan anu gede.
  132. Pelengkung bekas nyalahan : Ari keur ngora keneh bageur tapi kakolotnakeun jadi teu bageur.
  133. Peureum kadeuleu beunta karasa : Inget bae, teu bisa poho. Boasana mah lain kana barang tapi ka jelema anu dipikancinta.
  134. Pipilih meunang nu leuwih kotéplak meunang nu pécak : Milih kalawan taliti naker, kulantaran hayang meunang nu pang alusna, tapi temahna meunang nu panggorengna.
  135. Pinter aling laing bodo : Pinter tapi embung kanyahoan ku batur, kusabab eta nyeta nyeta anu bodo.
  136. Puasa manggih lebaran : Anu saumur umur miskin tuluy dina hiji waktu papanggih jeung kamuliaan, atawa manggih rejeki anu gede.
  137. Pupulur méméh mantun : Menta ganjaran memeh aya jasa atawa menta buruhan memeh prak digawe.
  138. Puraga tamba kadengda : Migawe hiji pagawean henteu jeung enya enya. Henteu ngandung maksud supaya hade hasilna ieu mah pada ulah dipaido bae.
  139. Pada rubak sisi samping : Sarua bae pada loba luangna, pada loba pangalamanana.
  140. Piruruhan katengahimahkeun : Nu dusun didikan dibawa kana pasamoan.
  141. Pindah cai pindah tampian : Robahna tempat matuh robah adat jeung kabiasaan.
  142. Rumbak kuntieun : Henteu lengkep, aya bae anu kurang nu matak cua kana hate.
  143. Rup ku padung rap ku lemah, katuruban ku taneuh beureum : Maot. Sasarina ngeunaan kanyeri anu satungtung hirup moal poho sanajan nepi ka maot.
  144. Raweuy beuweungeun rambay alaeun : Loba dahareun da loba pepelakan.
  145. Rusuh luput gancang pincang : Migawe naon bae anu rurusuhan, temahna matak kaduhung sabab hasilna teu matak nyugemakeun.
  146. Rumbak caringin di buruan : Dina hiji kasusah atawa karerepet geus boga teu boga kolot anu mepelingan ka urang.
  147. Seukeut ambeu seukeut deuleu : Loba matamatana jeung pinter nyusud perkara (keur pagawean pulisi).
  148. Sentak badakeun : Teu ceehan dina gawe, mimiti pohara getolna, tapi beuki lila beuki ngedul nu tungtungna teh diantep teu dipigawe pisan.
  149. Sabuni buni anu ngising : Sanajan dibunian atawa disumputkeun oge ari laku lampah anu goreng mah awal akhir sok kudu kanyahoan bae.
  150. Sereg dipanto logor diliang jarum : Nyingkahan hirup kumbuh jelema loba, sabab loba dosa, loba kasieun jeung kaera, betahna dinu suni nu teu aya jelema.
  151. Sagalak galakna macan taru nyatu anakna : Sanajan pohara bengisna nu jadi indung-bapa, umuna tara tega ka anu jadi anak.
  152. Sahérang hérangna cai béas : Galibna hate teh hese pisan beresihna ka jelema anu geus bukti tas nganyernyeri ka urang.
  153. Sakecap kadua gobang : Gampang ngambek jeung gampang ngadek deuih.
  154. Sakririciking duit sakocopoking bogo : Naon bae anu matak narik kana hate urang.
  155. Sibanyo laleur : Ledis pisan, teu nyesa saeutik eutik acan.
  156. Satengah buah leunca : Teu jejeg ingetan, langlang lingling, kurang saeundan.
  157. Sapu nyéré pegat simpay : Paturay papisahan.
  158. Saumur nyunyuhun hulu : Saumur hirup rumingkang di bumi alam.
  159. Séngsérang padung : Ngeunaan awewe atawa lalaki anu boga keneh napsuna cara baheula keur ngora keneh, sasarina aya di jelema nu geus kolot, nu tereh paeh.
  160. Sagolék pangkék sacangreud pageuh : Hanteu cidra kana jangji.
  161. Seuneu hurung dipancaran : Nu keur nafsu, heug ditambahan pisan pikakeuheuleun, tangtu bae ngambekna jadi tambah.
  162. Saungkab peundeuy : Omongan anu pondok tur kurang manis.
  163. Sabobot sapihanean : Sauyunan, sapapait samamanis sabagja sacilaka.
  164. Saluhur luhur punduk tara ngaliwatan hulu : Sapinter pinterna murid pangartina moal ngaluhuran guru.
  165. Sareundeuk saigel sabobot sapihanean sabata sarimbangan : Sauyunan, layeut, tara aya pacengkadan.
  166. Sangsara di geusan betah : Teuing ku miskin, teu boga naon naon pisan kulantaran geus embung digawe nyiar kipayah. Anehna teh ari hirup mah hayang keneh.
  167. Sereg dibuana logor diliang jarum : Kulantaran loba kasalahan atawa dosa, embung cicing di nu rame, sabab sieun, karesepna teh di nu suni, nu euweuh jelema.
  168. Seuneu hurung cai caah : Keur ambek, keur amarah, keur napsu.
  169. Seuseut batan neureuy keueus : Hese pisan
  170. Sirung ngaliwatan tunggul : Darajat atawa milik anak ngaliwatan bapa.
  171. Sosoroh ngadon kojor :  Kikiriman ku lantaran aya pangarahan tapi boro boro meunang kauntungan, kalahka meunang wiwirang jeung karugian.
  172. Seukeut tambang manan gobang : Sakumaha gagahna wanina jeung ngalawana oge jalma jahat mah awal ahir tangtu katangkep pulisi.
  173. Sahérang hérangna cibeas, moal herang cara cisumur : Sasarina lamun geus aya pacengkadan sok tara hade deui cara bareto samemeh aya pacengkadan.
  174. Teu puguh alang ujurna : Teu puguh entep seureuhna, teu beres lain kitu kuduna.
  175. Teu diambeuan : Teu dipikarisi, teu dipikagimir.
  176. Tikoro andon péso : Ngdeukeutan jelema nu bakal ngahukum atawa nganyenyeri ka diri urang.
  177. Totopong heureut dibeber beber, tangtu soeh : Nyukupan ku pangala nu sakitu saeutikna, tangtu bae matak jadi susah, lamun rejeki atawa pangala saeutik, ari keperluan jeung pangaluaran anu sakitu lobana.
  178. Teu mais teu meuleum : Teu aya patalina pisan, teu pipilueun.
  179. Teu nyaho di alif bingkeng : Bodo teu bisa maca-maca acan, da teu sakola.
  180. Teu ngalarung nu burung, teu nyesakeun nu edan : Ngalajur nafsu ka awewe, ka anu halal jeung anu haram oge disaruakeun bae.
  181. Teu busik bulu salambar : Teu rogreg rogreg, malah unggul dina juritna.
  182. Teu didingding kelir : Teu dibuni buni, ditembrakeun bae, teu dirasiahkeun.
  183. Teu gugur teu angin : Samemeh kajadian naon naon, teu aya pisan beja, lantaran atawa ciciren.
  184. Taya halodo panyadapan : Terus bae digelendeng atawa dicarekan.
  185. Teui hir teu walahir, teu kakak, teu caladi teu aro aro acan : Teu baraya, teu kaka, teu adi teu alo alo acan. Deungeun deungeun tulen.
  186. Teu nginjeum ceuli teu nginjeum mata : Ngadenge jeung nenjo sorangan lain cenah jeung baruk.
  187. Tinggar kalongeun : Teu sieun atawa teu nurut kulantaran remen teuing digelendeng atawa dicarekan.
  188. Teu beunang dikoet kunu keked : Teuing ku koret, tara pisan tutulung ka nu butuh tatalang ka nu susah.
  189. Teu jejeg ingetan, langlang lingling, kurang saeundan : Menta dihampura tina rumasa geus salah atawa boga dosa.
  190. Teu aya sarebuk samerang nyamu : Teu aya saeutik eutik acan.
  191. Teu mais teu meuleum : Teu pipilueun teu aya patalina naon naon.
  192. Tunggul diparud catang dirumpak : Euweuh anu dipikaserab, terus bae ngalajur nafsu.
  193. Ti peuting kapalingan ti beurang kasayaban : Sababaraha kali karurugian atawa karoroncodan.
  194. Teu boga pikir rangkepan : Teu boga curiga saeutik eutik acan.
  195. Tungkul ka jukut tanggah ka sadapan : Junun nyanghareupan pagawean anu dipilampah, teu kaganggu ku naon naon.
  196. Taya halodo panyadapan : Taya eureuna digelendeng atawa di dicarekan.
  197. Titip diri sangsang badan : Mihapekeun maneh.
  198. Teu dipiceun sasieur : Sarua pisan teu aya bedana saeutik eutik acan.
  199. Tamiang meulit ka bitis : Meunang wirang ku lantaran ngucah ngaceh rasiah batur.
  200. Tamplok batokeun : Berehan teuing nepi ka urang mah susah.
  201. Teu ditari teu ditakon : Teu dipalire diantep bae, teu ditanya tanya acan.
  202. Teu jauh ti tihang juru teu anggang ti tihang tengah : Nya goreng rupana nya goreng kalakuanana sok daek pulang paling.
  203. Tiis ceuli hérang mata : Ngeunah hate kulantaran ngeunah deudeuleuan jeung dedengean.
  204. Tipu keling ragaji Inggris : Pinter dina kajahatan, pinter dina ngbobodo atawa nipu.
  205. Titirah ngadon kanceuh : Sejana nyiar kasenangan, tapi jadina pinanggih jeung kasusah nu leuwih gede.
  206. Teu cari ka Batawi tapi ka salaki : Hakan pake hayang ti salaki.
  207. Tugur tundang cuntang gantang : Ngajalankeun pagawean pikeun Nagara, babakti ka nagara.
  208. Tunggul sirungan, catang supaan : Aya kajadian anu goreng atawa matak teu genah ahirna.
  209. Teu wawuh wuwuh pajauh, teu loma tambah paanggang : Sing wawuh tur sing loma sabab balukarna alus pisan.
  210. Ulah kabawa ku sakabakaba : Ulah kabawa ku nu teu puguh, maksudna kabawa jurig, dedemit.
  211. Ulah beunghar méméh boga : Ulah adigung nyeta nyeta anu beunghar, turtaning henteu atawa tacan boga pakaya.
  212. Ulah tiis tiis jahe : Kudu iatna, kudu cingceung.
  213. Ulah muragkeun duwegan ti luhur : Masing nyaah kana rejeki meunang hese cape ladang kesang, pacuan arek dimonyah monyah.
  214. Ulah unggut kalinduan ulah gedag kaanginan : Ulah kagoda, ulah kaganggu atawa kabengbat ku rupa-rupa, lamun urang keur nyanghareupan hiji maksud anu hade.
  215. Ulah cara ka kembang malati kudu cara ka picung : Ulah sok bosenan ari ka pamajikan teh, hadena mah ti keur ngora keneh nepi ka geus kolot teh, lain beuki lila beuki bosen tapi kudu beuki lila beuki welas asih.
  216. Ulah cara ka malati kudu cara ka picung : Ulah ngurangan kanyaah kudu beuki lila beuki nyaah.
  217. Uyah tara tees kaluhur : Galibnma sifat indung bapa anu harade atawa anu goreng sok diturunkeun ka anak incuna.
  218. Ulah pangkat memeh jeneng : Ulah adigung adiguna hayang nyaruaan ka nu geus jeneng.
  219. Uncal tara ridu ku tanduk : Duduluran karumpul kabeh.
  220. Wiwirang di kolong catang nya gede nya panjang : Wiwirang nu pohara gedena.
  221. Waspada permana tingal : Bisa nyaho kana naon naon anu bakal kajadian.

0 Response to "Pribasa Sunda Dari A-Z"

Posting Komentar